4.
BREAKING NEWS :
Home » » Papatah Kolot Baheula

Papatah Kolot Baheula

Written By Unknown on Rabu, 10 Februari 2016 | 03.29

 

Papatah Kolot Baheula


[1]. Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang

[2].  Jelema mah tungkul tumpuk kaluluputan, tanggah tempat kalalepatan.

[3]. Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada

[4]. Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari

[5]. Sareundeuk saigel

[6].  Ari nu ngaranna hukum adil teh teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan

[7].  Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dangdeur. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna

[8]. Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan

[9].  Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di inget, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeg nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa

[9]. Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu alum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea

[10].  Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.

[11].  Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti.

[12].  Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa

[13].  Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na

[14].  Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka meuri.

[15]. Sabar teh lain  Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.

[16].  Sagolek pangkek, sacangreud pageuh (Commitment, menepati janji & consitent).

[17].  Teu unggut kalinduan, Teu gedag kaanginan.

[18].  Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.

[19].   Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta

[20].  Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang

[21].  Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan

[22].  Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).

[23].  Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).

[24].  Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang

[25].  Miindung ka waktu, mibapa ka zaman

[26].  Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna

[27].  Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.

[28].  Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.

[29].  Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.

[30].  Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi lekasan.

[31].  melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng. (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai)

[32].  Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, 

[33].  nete taraje, nincak hamalan

[34].  Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.

[35].  Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa

[36].  Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumiba.

[37].  Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.

[38].  Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan,

[39].  Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun.

[40].  Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu

[41].  Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokel jahe kedah micarek (Trust – ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).

[42].  Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya)

[43].  Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).

[43].  Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga).

[44].  Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).

[45].  Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah)

[46].  Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)

[47].  Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).

[48].  Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).

[49].  Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).

[50].  Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)

[51].  Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).

[52].  Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).

[53].  Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).

[54].  Cai karacak ninggang batu laun laun jadi legok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).

[55].  Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth)

[56].  Mulih kajati mulang kaasal. (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).

[57].  Dihin pinasti anyar pinanggih. (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).

[58].  Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).

[59]. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).

[60].  Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).

[61].  Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)

[62].  Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita)

[63].  Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).

[64].  Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).

[65].  Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
Share this article :

Artikel Islam

More on this category »

Mualaf

More on this category »

Post Terkini

LGBT HARAM

LGBT HARAM

Sukanagara News

More on this category »

Cisompet News

More on this category »

Garut News

More on this category »

Regional News

More on this category »

National News

More on this category »

World News

More on this category »
 
Support : Creating Website | Johny Template | Tony Putra Garut Template
Proudly powered by Blogger
Copyright © 2011. Desa Sukanagara News - All Rights Reserved
Template Design by Creating Website Published by Tony Kurniawan Alamat Desa SukanagaraJl.Bantar Peundeuy-Panyindangan