
Sabetah-betahna dikampung batur tetep we, sok nineung ka lembur sorangan. Teu weleh aya karaos tentrem tur sugema emut ka pakarangan nu ngemploh hejo, sawah anu hegar sareng cai anu nyurulung tina pancuran. Endah tur asri matak mapaes hate anu sono kana reureuh tina raramena kota. Sono ka abah, ambu sareng baraya anu sauyunan, sahate, welas tur asih. Duh lembur, sing ulah kabawa ku sakaba kaba sim kuring sono kana kahejoan anjeun.
KAWIH
Lemah cai kuringKawih di luhur ngingetkeun kuring ka jaman kuring keur sakola, mangsa nu keur meumeujeuh na pinuh ku kasuka jeung kabungah,pileuleuyan mangsa budak, sabab kuring ayeuna geus dewasa, kari waas na, nyawang mangsa ka tukang.
negeri endah asri
sugih cacah jiwa
bahan lubak libuk
sim kuring rehna miwah nyaah
kalemah cai pribadi
kuring suka
kuring betah
ka lemah cai pribadi